Berita & Artikel
Home / Berita

Nov 18, 2024 / Lain-lain
Copy Link
Kakarén milad 112 : Ngalenyepan Deui Téologi AL Maun
SDM7BDG- Milangkala ka 112 mangrupi kaistiméwaan pikeun saha waé, arang langki aya jalmi anu tiasa dugi kana yuswa sakitu. Pon kitu deui yuswa pikeun salah sawios institusi atawa pakumpulan. Alhamdulillah... Muhammadiyah tos didugikeun kana yuswa anu tos ngalangkungan sa abad ieu.
Dina ngawitan ngadegna, pangersa KH Ahmad Dahlan satékah polah ngetrukeun tarékah sangkan Muhammadiyah nanjeur mangrupa persyarikatan anu ajeg panceg dina jalan dakwah Amar ma'ruf nahyi mungkar. Kapungkur dina salah sawios taklimna, mantena ngajarkeun QS AL Maun dugi ka 17 sasih. Tangtos waé ngajantenkeun murid-muridna protés, teu kiat ku bosenna nampi pangajaran anu teras-terasan dibulak balik dekok. Salah sawios muridnya nyaur : "Kyai...sim kuring saparakanca parantos kolotok ngeunaan surah Al Maun ieu. Parantos apal bacaan surat, apal hartos sareng maksadna. Numawi sakitu....mugia Kyai kersa kanggo ngalih kana serat sanes!"
Kalayan pinuh ku kawijaksanaan, Kyai Dahlan nyaur : "Enya.....kuring ogé apal, aranjeun geus hatam surah Al Maun...anu jadi pananya téh... Naha anjeun geus ngalaksanakeun naon anu diparéntahkeun dina éta surat?"
Sadayana kagét teu nyangki Kyai bakal nyarios kitu bari teras sadar yén maranéhanana teu acan kantos ngalaksanakeun surat pendék anu tos molotok diteuleuman salami ieu. "Sumuhun Kyai...sayaktosna sim kuring saparakanca teu acan kantos ngamalkeun eusi surat AL Maun. Saterasna ..naon atuh anu kedah dipidamel ku sim kuring sadaya?"
"Prak laksanakeun paréntah pangéran ku cara mikanyaah budak yatim, urus sandang pangan jeung atikana. Kitu deui anu mariskin, kudu diurus jeung diperhatikeun katuangana!"
Tah ....ti dieu ngawitan munculna Rumah Yatim anu fokus ngurus budak yatim, piatu katut dhuafa. Dina mangsa walurat ku penjajahan Walanda, kacida pisan seueurna anak yatim, piatu sareng Dhuafa téh.
Dugi ka ayeuna tos langkung ti 1000 rumah yatim atanapi panti asuhan atanapi LKSA anu sumebar di sakumna wewengkon Indonesia. Salah sawios buktos amal nyata Muhammadiyah dina widang sosial. Ku kituna Surah Al Maun anu parantos janten cukang lantaran ngadegna Rumah Yatim, janten buktos aplikasi paréntah pangéran dina enggoning ngangkat darajat masyarakat anu masakat ti barudak yatim, piatu jeung dhuafa, dugi ka aya istilah Teologi Al Maun.
Dina mukaan bacaan ngeunaan Teologi Al Maun, anu salami ieu mucunghul téh Teologi Al Maun dan Filantropi Muhammadiyah.... Parantos identik upami ngabahas (Teologi) AL Maun anu kaluarna tangtos perkawis gerakan pemberdayaan kaum mustadh'afiin, yatim, piatu sareng dhuafa. Janten patarosan ogé naha mung dugi ka ayat 3 AL Maun téh? Kan aya 4 ayat deui anu ngabahas perkawis jalmi anu lalai sholatna anu diancam ku Naraka Waél? Boh lalai dina masalah waktos ngalaksanakeuna atanapi lalai dina ngajalankeun sholatna...teu khusyu'. Ogé jalma-jalma anu hayang katangar, ria. Sareng jalma-jalma anu wegah méré bantuan.
Sapertos anu disebatkeun di luhur, murid Kyai Dahlan neuleuman QS AL Maun téh dugi ka 17 sasihna. Tangtos tos molotok, pangaweruhna tos nyangkaruk dina dasar qolbu, sumarambah kana bayah. Asa piraku....teu merhatoskeun ayat 4 dugi ka 7 na?
Sakumaha anu kauninga...sholat mang rupikeun tihang agama anu kalintang pisan pentingna. Mang rupikeun perkara anu pang payuna dihiasan, saupami hisaban sholatna leres, mangka hisaban amal.anu sanésna ogé tinangtos bakal leres. Bahkan aya salah sawios katerangan, yén tugas utami urang téh mung kanggo sholat. Anapon usaha éta mah mung saukur ikhtiar urang sangkan aya bekel pikeun tiasa ngadegkeun sholat.
Saking peryogina sholat, teu aya alesan pikeun ngantunkeuna, Iwal ti murangkalih anu can balegh, istri anu kasumpingan tamu matuh sareng anu nuju masa nifas sareng jalmi anu kaleungitan akal. Ku kituna, nu teu damang ogé kedah ngadegkeun sholat. Teu tiasa sholat sacara sampurna, adegkeun sholat bari calik, teu tiasa bari calik, adegkeun sholat bari ngagolér. Upami teu tiasa ngagerakkeun panangan sanaos bari ngagolér, adegkeun sholat nganggo isyarat.
Kumargi sakitu, Allah SWT bakal nibankeun hukuman anu kalintang abotna pikeun jalma anu ngantunkeun sholat. Tong boroning ngantunkeun....gening anu ngadegkeun sholat ogé tos diangkankeun Naraka Waél. Di jero kubur, Allah SWT maréntahkeun Oray Badag Sujaal Aqra anu tugasna khusus pikeun nyiksa sakumna jalma anu elat dina ngajalankeun sholat. Sakumaha anu disebutkeun ku éta oray : "kaula diutus pikeun nyiksa anjeun anu elat dina ngalankeun sholat. Sholat subuh diadegkeun dina mangsa panon poé geus kaluar. Sholat dzuhur diadegkeun mangsa ashar rék datang. Sholat ashar diadegkeun dina mangsa maghrib rék datang. Sholat maghrib diadegkeun dina mangsa isya rék datang. Sholat isya diadegkeun dina mangsa janari nalika subuh rék mucunghul!" Bari terus éta oray téh neunggeulan, anu sakali teunggeulanna nyababkeun anu telat sholat tilelep 70 hasta kana jero taneuh.
Ogé pikeun anu lalai sholatna alatan ébat, nalika sholat teu khusyu' kana naon anu dibacana. Sholatna mung ukur jadi tempat ngaréka carita jeung lamunan, komo deui geus ngalamunkeun dunya. Tan wandé sholat nu kitu téh moal meunang pahala, kalah ka meunang pahalu. Sapertos dina katerangan disebatkeun bakal dialungkeun baju rawék ka jelema anu ngadegkeun sholatna teu khusyu'.
Saking pentingna sholat, panginten ngurus budak yatim ogé teu tiasa ngalangkungan tina pentingna sholat. Ngurus sakola oge moal tiasa ngéléhkeun kana pentingna sholat, sanaos sakolana pasantren atanapi sakola islam. Ngurus persyarikatan ogé tangtos moal tiasa ngalangkungan tina perkara pentingna sholat. Intina sagala rupina janten teu aya nilaina upami urang ngamomorékeun sholat. Hirup urang seueur masalah kumargi shalat urangna bermasalah. Ogé...sakola urang bermasalah margi anu ngurus sakola, boh pimpinan, guru atanapi karyawanna aya masalah dina ngadegkeun sholatna....ogé AUM anu sanésna bermasalah....tinangtos aya kaitan sareng sholat sakumna pengelola anu Kalibet dina AUM éta...
Walloohu 'alam
Sumber:https://sdm7bdg.sch.id/beritadetail/Kakarén+milad+112+:+Ngalenyepan+Deui+Téologi+AL+Maun
Penulis : Yaser Arafat
0 Menyukai
0 Komentar
Berita & Artikel Lainnya
Prestasi! : Siswa SD Muhammadiyah 7 Borong Piala pada Kejuaraan Nasional Kungfu Indonesia 2022
Makna dan Sejarah Ramadan – Mengapa Bulan Ini Begitu Istimewa
Komentar